Urang Sunda mah cenah katelah égalitér, kagambarkeun tina basa nu dipaké
ku gegedén karajaan jeung cacah dina carita-carita tradisional nu teu
wanoh kana undak-usuk atawa tingkatan basa. Kadieunakeun, utamana ti
saprak dijajah Mataram,
"kamonésan" Sultan Agung dina nyiptakeun undak-usuk basa ditiron ku
para ménak Sunda, nu hasilna mangrupa jungkrang antara ménak jeung
cacah.
Dina jaman dijajah Walanda, dua tingkat sosial ieu kasambung ku istilah priyayi, golongan pagawé pamaréntahan (birokrat, militér, jeung guru) nu sabenerna mah lolobana kaasup golongan ménak kénéh. Dina awal abad ka-20,
strata sosial ieu beuki luntur, komo sanggeus jaman kamerdikaan mah.
Najan kitu, nepi ka kiwari, watek féodal téh kadang sok kaciri kénéh aya
dina kahirupan urang Sunda.
Sumber: su.wikipedia.org
Tidak ada komentar:
Posting Komentar