Kamis, 13 Oktober 2016

Sajak Atep Kurnia

Daun Bulan


Anjeun buru-buru muka indéks dina tungtung buku
Susuganan kekecapan nu ayang-ayangan, dina sela daun-daun
Nu tuluy murudul muru situ nu canembrang kasorot bulan
Anjeun ngitung sakur daun, cara Hayam Canggong dina naskah
Antara bab jeung bab nu ditatab, teu sapat-sapat
Kecap-kecap dina indéks angger teu katara béak
Tuluyna mah anjeun kalah ngalangeu cara Li Po, moho ka bulan
Dangdaunan cul dina padalisan-padalisan nu teu kalisan

Cikancung, Désémber 2011

Sajeroning Damri

Aya nu ngaronghéap, ti lebah korsi nu kosong
rupa-rupa warna, dialeutkeun runtuyan kecap
anjeun nu nangkeup harigu, panon ébat
ku wawadahan warna, nu nalangkar dina dada
ku leungeun nu mimiti ngagarayam kana péna
newakan tingarudatna rupa-rupa warna jalan

2011


Dina Pangdiukan

Ratus, malah rébu, tapak leungeun jadi raca
Dina pamuntangan, jeroning nyemprung sajajalan
Angin tiis ngabudal-budalkeun pangalamanana
Dina sirah séwang-séwang. Rérégan biru nyingkab
Ngébréhkeun nu tibuburanjat muru kaguligah
Kolotrak panto beusi muka, sup-sup kana pakarangan
Haté. Ngadon ngalalaran kekembangan pulas jingga
Nu emblog-emblogan, adumanis jeung aksara
Di parapatan, dina pagaliwotana patalimarga
jrut anjeun turun. Mawa pamuntangan

2011


Gupay Angin

Di parapatan, nu jalanna mites, anjeun gugupay
Padahal suku masih aya dina tétécéan. Gupay angin
Nu angger bangbaraan patalimarga. Saban gupay
Kudu waé ditungtungan namprakkeun katugenah
Sabab angin tara lirih, nyuay-nyuay saban rupia

2011

Sumber: mangle-online.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar