اََلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِىْ وَصَّى فِى كِتَابِهِ بِالتَّقْوَى وَ
الْاَرْحَامِ . اَشْهَدُ اَنْ لاَّ اِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَه‘ لاَ
شَرِيْكَ لَه‘ . وَ اَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُه‘ وَ
رَسُوْلُه‘ سَيِّدُ وَلَدِ آدَمَ . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى
سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ . اَلْمَبْعُوْثِ اِلَى سَائِرِ الْاَنَامِ وَعَلَى
آلِهِى وَ اَصْحَابِهِ الْبَرَرَةِ الْكِرَامِ صَلاَةً وَسَلاَمًا
دَائِمَيْنِ مُتَلاَزِمَيْنِ اِلَى يَوْمِ يُسَاقُ قِيْهِ الْمُؤْمِنُوْنَ
اِلَى دَارِ السَّلاَمِ . اَمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا
اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِى وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَ اَنْتُمْ
مُسْلِمُوْنَ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ :
اَلَّذِيْنَ يُنْفِقُوْنَ فِيْ السَّرَّاءِ وَ الضَّرَّاءِ وَ
الْكَاظِمِيْنَ الْغَيْظَ وَ الْعَافِيْنَ عَنِ النَّاسِ قلى وَاللهُ
يُحِبُّ الْمُحْسِنِيْنَ
Hadirin Ahli Jum’ah Rohimakumulloh !
Dina ngawitan sasih Syawal atanapi dinten-dinten saatosna lebaran
biasana umat Islam sok disibukkeun ku rupi-rupi kagiatan patarema
atanapi pasamoan anu dipatalikeun sareng idul fitri, di urang mah
katelahna acara halal bihalal, bade dina acara tepung wargi atanapi sok
disebat haolan atanapi silaturahmi lembaga/organisasi.
Dina acara halal bihalal kanyataanana mah taya lian ti silaturrahmi
sakumaha dianjurkeun dina agama Islam. Dina acara Halal bihalal geusan
silih-lubarkeun dosa, nyuhunkeun dihampura jeung ngahampura. Silih
lubarkeun dosa antara sasama muslim dicirian ku cara-cara patarema
dampal panangann, ieu teh kacida mulya, asal papada jinisna atanapi
sareng mahramna. Kangjeng Nabi SAW dina dawuhanana :
مَا مِنْ مُسْلَمَيْنِ يَلتَقِيَانِ فَيَتَصَافَحَانِ اِلاَّ غُفِرَ لَهُمَا قَبْلَ اَنْ يَّتَفَرَّقَا
”Teu pati-pati dua jalma muslim anu papanggih tuluy sasalaman kajaba baris dihampura dosana samemeh duanana papisah deui “. { HR. Abu Daud, Turmudzi, Ibnu Majjah }
”Teu pati-pati dua jalma muslim anu papanggih tuluy sasalaman kajaba baris dihampura dosana samemeh duanana papisah deui “. { HR. Abu Daud, Turmudzi, Ibnu Majjah }
Malihan dina Al-Qur’an pisan:
… وَالْعَافِيْنَ عَنِ النَّاسِ وَ اللهُ يُحِبُّ الْمُحْسِنِيْنَ
” Jeung anu ngahampura ka jalma-jalma, jeung Alloh micinta jalma-jalma anu ngalampahkeun kahadean “. { QS. Ali Imron: 134 }.
Margi kitu, saha jalma nu teu ngahampura kana kasalahan batur, eta teh
bakal dibenduan ku Alloh SWT. Malahan kacida mulya sareng sakedahna
saparantos urang puasa jeung zakat pikeun meresihan diri, urang ikhlas
pikeun silih hampura. Dawuhan Gusti Alloh dina QS. Al-Maidah, ayat 13 :
… فَاعْفُ عَنْهُمْ وَاصْفَحْ ج اِنَّ اللهَ يُحِبُّ الْمُحْسِنِيْنَ
” Mangka Anjeun kudu hampura maranehna jeung lubarkeun dosana, saenyana Alloh mikacinta ka jalma-jalma anu nyieun kahadean “.
Pikeun saha bae, sanaos kacida beuratna hahampuraan alatan hiji masalah,
tapi nyuhunkeun dihampura jeung bakal ngahampura nu jadi cukang
lantaran mampu ngalawan hawa nafsu urang sorangan, ieu kacida mulyana
mungguh Alloh Swt. Manusa nu jadi sabab tempatna hilap, moal aya
saurang oge nu teu pernah salah atawa teu gaduh dosa perdosa. Jalmi nu
sae teh sanes jalma anu tara lepat, tapi jalmi nu sae teh nyaeta jalmi
anu sanggup ngomean dirina tina kasalahan-kasalahan nu pernah dilakukeun
ku manehna.
Kanggo emutaneun urang sadaya, aya pidawuh Rosululloh SAW nu tiasa
janten eunteung dina hirup kumbuh papada manusa. Sabab hirup di dunya
moal bisa sosoranganan, pasti dina emprona mah bakal butuh ku batur.
Bag-bagan nu kitu disebatna ibadah hablumminannas. Sabab pentingna
ngariksa hablumminannas, dicarioskeun dina salah sahiji hadits nu
diriwayatkeun ku Imam Muslim, yen Rosululloh SAW kantos tumaros ka para
sohabat : ” Saha sabenerna ari jalma nu bangkrut teh ? “, para Sohabat
ngawaler : ” jalma nu teu gaduh artos sareng teu gaduh harta !”. Teras
Rosululloh SAW negeskeun : ” Saenyana jalma anu bangkrut teh nyaeta
jalma nu balik ka aherat mawa ganjaran solat anu loba, ganjaran puasa,
ganjaran zakat anu lain saeutik, tapi hanjakal anu sakitu lobana beak
dipake mayaran hutang lantaran keur hirupna di dunya sok nganyeurikeun
hate batur, ngadoliman ka nu sejen nepi ka ganjaran anu sakitu lobana
teu mahi dipake mayaran hutang, anu antukna jadi tibalik dosa batur anu
didoliman dipindahkeun ka manehna, tuluy dialungkeun kana naraka “. {HR.
Muslim ti Abi Hurairoh-Hadits Pembina Iman dan Akhlak, kaca 96}.
Mudah-mudahan urang sadayana, kalebet hamba-hamba Alloh nu lulus saomna,
anu sanggup ngalawan nafsu pikeun silih lubarkeun dosa sareng salawasna
kenging kani’matan pangampura Alloh. Amiin !.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّه‘ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Tidak ada komentar:
Posting Komentar