Kamis, 13 Oktober 2016

Jalma Tutung

Mang Koswara urang kampung sisi gunung kaparengkeun ngalanco ka Amerika. Keur leuleumpangan hareupeun Bank, manehna olohok pedah ningali tulisan OPEN ngajeblag dina lawang panto, sangkaanana alat paranti nyieun kueh bolu, ceuk pikirna mana teuing sagede naon kueh boluna mun OPEN-na sagede gedong. Keur anteng mikiran kueh bolu, ngaringkang aya bule rek asup Bank, gancang ku Mang Koswara dihalangan tur dicarek.

“Mister! Ulah asup ka dinya, bisi tutung!”

Si bule ukur rungah-ringeuh teu ngarti bari terus asup.

Teu sawatara lila ti Bank bijil urang negro. Ari gorowok teh Mang Koswara:
“Nya, silaing mah bedegong! Jadi we tutung. Ceuk aing tutung, tutung!!” pokna mupuas.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar