Umumna mah urang Sunda maké basa Sunda
(aya sababaraha basa wewengkon, nu masing-masing boga ciri) dina
paguneman sapopoé, ngan ka dieunakeun, basa Sunda téh beuki kadéséh ku
basa gaul lianna, utamana ku basa Indonésia
salaku basa nasional di Indonésia. Di wewengkon wates atawa nu sacara
tradisional loba sélér séjén (Jawa), ilahar ogé dipaké basa campuran
(Jawa Réang, Jawa Sérang), gumantung jeung saha ngobrolna. Kadéséhna
basa Sunda ku basa Indonésia dipangaruhan ku sababaraha hal, di antarana
ku sabab basa Sunda teu kungsi dipakéna sacara formal, ayana béda basa
wewengkon nu kadang dianggap nyusahkeun (sieun salah), sarta lobana
sélér séjén nu datang ka Tatar Sunda.
Masarakat Sunda tradisional geus wanoh jeung istilah sajarah, carita, jeung wawacana, nu sadayana nuju ka karya nu ngadadarkeun sajarah ngeunaan hiji hal. Catetan sajarah ngeunaan tatar Sunda nu leuwih heubeul, kapanggih dina prasasti-prasasti. Anu pangheubeulna téh nyaéta prasasti Tugu, titinggal Purnawarman (395-434), raja Tarumanagara ahir abad ka-4/awal abad ka-5. Dadaran sajarah Sunda pangkolotna nu geus kapanggih nepi ka ayeuna nyaéta Carita Parahyangan, ditulis kira taun 1580 M. Salajengna, naskah-naskah nu medar sajarah di antarana Carita Ratu Pakuan, Carita Waruga Guru, jeung Carita Waruga Jagat. Karya-karya ieu lolobana dijieun dina mangsa masih ngadegna karajaan Sunda.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar