Kamis, 13 Oktober 2016

Si Kabayan, Aya-aya Waé

Ngadu
Kabayan: “Mang Lebé, ngadu naon anu kira-kirana teu ngabatalkeun puasa?”
Mang Lebé: “Kangaranan ngadu mah kabéh ogé matak ngabatalkeun puasa. Masing teu keur puasa ogé ngadu mah teu meunang deuleu!”
Kabayan: “Ari ceuk uing mah aya ngadu anu teu ngabatalkeun puasa.”
Mang Lebé: “Ngadu naon kitu?”
Kabayan: “Ngadu…ngadulag.”
Mang Lebé: “Ah bisa waé ilaing mah.”

Muput Reungit
Mitohana: “Kabayan, keur naon manéh téh cicing baé di kamar?”
Kabayan: “Nabuburit, Ma!”
Mitohana: “Ari éta naon anu ngebul?”
Kabayan: “Haseup, Ma!”
Mitohana: “Heueuh keur naon?”
Kabayan: “Keur muput reungit.”
Mitohana: “Naha haseupna bau roko?”
Kabayan: “Nya éta obat nyamukna béak, kapaksa wé muputna ku roko.”

Si Kabayan jadi Reporter
Si Kabayan jadi réporter radio, basa aya pertandingan antara Pérsebaya vs Pérsib taun 60-an jaman jayana Abdul Kadir (Pérsebaya) jeung Rukman (Pérsib). Si Kabayan dibaturan ku Lamsijan.
Si Kabayan: “Iyah saudara pendengar, Abdul kadir ngabecir, nyépak ti gigir, bola nepi ka muntir, atuh kiper kuat ka nyengir da bal ngadupak biwir, nepi ka ngadahdir….
Lamsijan: (Ngaharéwos): “Enggeus euy, watir!

Lieur
Harita Nyi Iteung rék solat lohor, geus maké mukena lengkep. Ngan palebah rék takbir pisan, telepon disada (ti Si Kabayan), tuluy Nyi Iteung lumpat ngangkat heula telepon.
Nyi Iteung: “Alloohuakbar!”
Si Kabayan ngahuleng, lieur kudu ngomong naon.

Paingan
Kabayan: “Éta mah euy, sakitu murag tina tangkal kalapa anu sakitu jangkungna, da teu nanaon atuh. Kalah jleng sakali, tuluyna mah gugulitikan.”
Asnaip: “Saha euy, mani kuatan kitu. Boga élmu meureun?”
Kabayan: “Ah, teu singna boga élmu.”
Asnaip: “Heueuh, saha éta té?”
Kabayan: “Kalapa.”

Teu Tulus Digawé
Kabayan téh ngalamar gawé ka hiji pabrik, keur diwawancara ku bagian personalia.
Kabag: ”Cing caritakeun, asal-ulsul anjeun téh ti mana, Kabayan!”
Kabayan: “Ari asal mah nya ti indung. Ngan cenah mah nu mimiti ngusulkeun téh…pun bapa!”
Kabag: “ Wayahna baé anjeun kudu ninggalkeun pabrik ayeuna kénéh!

Sumber: Barakatak Manglé

Tidak ada komentar:

Posting Komentar