Urang Sunda mah ilaharna maké ngaran anu basajan, kadang cukup ku
sakecap, bari jeung pondok. Ku ayana pangaruh Islam anu kuat, urang
Sunda loba nu maké ngaran nu nyokot tina '
asma'ul husna'
digabung jeung landihan tradisional. Mun dua kecap, kadang sok maké
pola "tolong-menolong" (suku kecap nu diulang), misalna Cécép Gorbacép,
Asép Gumasép, Didin Saépudin, jsb. Tapi, kitu sotéh ti golongan cacah,
sabab pikeun golongan
ménak mah (baheula), biasana mah ngaranna diwangun ku dua kecap, sahingga rada panjang. Misalna baé
Umar Wirahadikusumah,
Ginanjar Kartasasmita,
Huséin Jayadiningrat,
Huséin Sastranegara, jsb.
Kasenian Sunda anu masih populér di masarakat di antarana
Wayang Golék,
tembang Cianjuran,
penca, rupa-rupa ibing (
jaipongan,
tari merak, jsb.),
calung,
degung,
angklung,
carita pantun,
beluk, jsb.
Sumber: su.wikipedia.org
Tidak ada komentar:
Posting Komentar