Naha teu ngelol-ngelol gening SMS ti manéhna téh? Keclak cimata mimiti maturan gerentes haté nu ngarasa kacida nineungna. Enya, asih munggaran téh geuning hésé pisan ingkah tina rohangan haté, cacak-cacak tas puluhan taun kaliwat.
Kamari téh bibirigidigan kénéh basa babaturan ngobrol masalah ‘cinta lama bersemi kembali’. Asa ararahéng tuda kudu papacangan deui jeung babaturan baheula nu sarua kungsi silih mikanyaah. Malah lolobana mah kapan nepi ka pepegatan jeung salaki atawa pamajikanna alatan kitu téh.
Kamari masih omat-omatan ka nu jadi babaturan perkara éta. “Yeuh, sobat kuring ayeuna keur urusan jeung pangadilan agama, pamajikanana kapanggih reureujeungan deui. Kadé ah bisi siga kitu!” cekéng téh.
Da enya atuh, kuring nyaho pisan ka pamajikan ki sobat téh lantaran mindeng ngulampreng ka imahna jeung salaki. Titingalian mah kurang kumaha ajén ka nu jadi salaki. Salaki balik gawé, gura-giru nyieun cai kopi. Sut set nyadiakeun daharna. Ngan mémang manéhna téh meusmeus ditinggalkeun ku ki sobat ka luar kota. Balikna rata-rata sabulan atawa dua bulan sakali.
Teuing kesepian téa meureun atawa naon lah teu ngarti. Ujug-ujug aya béja ti ki sobat yén pamajikanana kapanggih hahadéan deui cenah. Kuring jeung salaki kacida ngilu kuciwa kana ketak pamajikanana.
Enya karék kamari kuring kakadéan ka babaturan perkara éta. Naha ayeuna bet diri sorangan anu ngawang-ngawang ngaliwatan marcapada poho di bumi alam? Naha ayeuna bet diri sorangan anu teu bisa saré tibra lantaran mikiran
manéhna. Duh gusti, naha bet kieu? Ieu cimata nanahaon atuh anu ngeclak téh? Cimata kaasih? Cimata kasono ka manéhna? Atawa cimata kaduhung bet kieu? Weléh teu kajawab.
Ngalelentuk nungguan SMS, ahirna disada ogé hapé téh. Gura-giru hapé dibuka. Jéntré ngaran manéhna aya dina layar hapé. Belenyéh seuri sorangan. Haté ratug tutunggulan muka ‘message’ téh. Bray téh, nyaan aya tulisan “I love you so much” cenah malah maké “beib” sagala. Halaah ieu haté beuki teu paruguh. Bagja kitu nu kieu téh? Maenya apan umur téh geus teu ngora deui, geuning masih ngarasakeun nu kararieu …
Inget keur ngora basa mimiti papanggih jeung bapana budak, apan kieu rarasaan téh. Baheula mah can usum hapé, internet jeung sajabana. Kantor pos téh boga jasa anu kacida gedéna keur nu papacangan mah. Asal manéhna nyuratan maké kalimah “aku sayang padamu” langsung mata teu bisa ngiceup. Melong kana naon wae nu teu perlu dipelong bari seuri sorangan. Terus wé teu puguh cabak. Di mamana asa ningali manéhna.
Geuning kaalaman deui rarasaan kawas kieu téh. Atuh bongan bet nyoba-nyoba siga batur ngiluan nyieun twiter jeung pesbuk sagala, jadi wéh paparanggihan jeung batur-batur sakola ti jaman SD nepi ka paguron luhur. Teu tinggaleun papanggihan jeung kikindeuwan mangsa keur SD.
Bray … aya budak satepak dina kongkolak mata. Ngabelenyéh seuri bari melong semu nu éraeun. Teu nyaho naon kahayangna éta budak sura seuri unggal panggih. Puguh panggih unggal poé apan sakelas. Kelas 5 SD. EGP ceuk budak ayeuna mah. Tapi lila-lila sihoréng teu bisa EGP deui. Geuning kuring jadi éra mun dipelong ku manéhna téh. Teu puguh rasa, asa hayang nyampeurkeun tapi gedé ku éra éta antukna nyalingker ngajauhan bari angger wé mata mah néangan manéhna mun teu katingali téh. Hih naha bet aya kituna? Apan laleutik kénéh atuh, ‘first love’ téa kitu? Asana téh ..
Kitu jeung kitu wé unggal poé. Nepika mangsana kuring paturay tineung jeung sakabéh babaturan SD, nya kaasup jeung manéhna. Dasar barudak, pisah téh pisah wé euweuh nu istiméwa.
Nepi ka hiji mangsa kuring muka pesbuk. Aya pesen asup. Nétélakeun yen nu nyieun pesen téh aya patula patalina jeung kuring jaman SD. Manéhna nu baheula sok ningalikeun kuring téa. Manehna ‘My first love’ téa. Ngubek cenah néangan ngaran kuring di pésbuk téh. Kapanggih ogé. Gebeg, ujug-ujug dina haté aya mang Syair nu sok ngadulag di masigit kuloneun imah. Gedebag gedebug sorana téh. Asa teu asup akal. Naha kudu ngagebeg. Naha kudu deg-degan sagala apan geus lain-lainna.
Mimitina ngobrol biasa waé di internét téh. Masalah kulawarga téa, pagawéan mah, nepi ka kagiatan sapopoéna di luar pagawéan. Tetela manéhna téh geus boga anak rumaja sarua jeung kuring. Lila-lila aya kasono nu teu bisa dijelaskeun. Ahirna ngobrolna ngalér ngidul beuki deuket nepi ka pada-pada wani mapatkeun kalimah sakti nu nyien teu bisa sare téa. Puguh atuda kaasih baheula kasambung deui. Asa ‘gayung bersambut’ cenah ceuk si nyai mah. Kaditunakeun kuring jeung manéhna silih tuker nomer hapé.
Saban poé aya waé carita dina hapé téh. Ngobrolkeun nu sabenerna mah teu kudu diobrolkeun.
Kekembangan rarasaan téh pohara lobana dina ati. Nyaan alah batan rumaja 17 taun. Na kumaha atuh ari geus kieu cara ngeureunkeunana?
Cimata ngeclak deui. Gustii, naha sono téh pabeulit jeung nalangsa? Nalangsa lantaran kuring jeung manéhna sarua geus rimbitan kitu? Atawa nalangsa lantaran jeroning ati mah nyaho yén ieu téh teu meunang dilampahkeun …
“Sayang, kunaon hulang- huleng kitu?” Sora nu halimpu, leungeun nu pinuh kanyaah ngusap sirah muyarkeun lamunan. Katingali imutna ngagelenyu tina pameunteu nu payus.
“Socana baseuh?” Cenahna deui bari nyusutan mata kuring ku jempolna. Kuring neuteup leleb ka manéhna. Pameunteu nu beresih unggal waktu kawuduan. Unggal waktu sumerah ka Nu Maha Kawasa. Unggal waktu manéhna ngahaleuangkeun asma Alloh. Unggal waktu narabaskeun kitab Alloh. Unggal waktu manéhna nungtun kuring, ngabéjaan yén waktu sumujud ka Nu Maha Welas Asih geus datang.
Clebb, asa aya nu nancleb kana jajantung. Salaki anu sakitu pantes, tegep, soléh, sopan, nyaah tur perhatian pisan geus diduahatékeun ku kuring. Pamajikan nanahaon ari kuring? Poho kana sagala rupa alatan asih nu teu jelas bari salah. Nu bakal nyuntrungkeun kana kabendu Alloh.
Curucud atuh cai mata nu tadi kaluar sakeclak dua keclak téh beuki murudul. Kuring nyegruk dina dadana. Manéhna terus nangkeup bari ngusapan. Colohok teu ngarti sabab musabab kuring ceurik balilihan.
Panceg dina haté, cacap kaasih kanu lian eureun ayeuna kénéh. Ampun, Gusti … Hampura, Kang .. ***
Kénging Deka Wimala
Sumber: mangle-online.com
Tidak ada komentar:
Posting Komentar